Antigén leukosit manusa
From Wikipedia, the free encyclopedia
Sistem antigén leukosit manusa (human leukocyte antigen, HLA) nyaéta ngaran lokus-lokus gén anu nyandi kompléx histokompatibilitas mayor (major histocompatibility complex, MHC) di manusa. Super-lokus ieu ngandung loba gén nu tumali jeung fungsi sistem imun manusa. Gorombolan gén ieu ayana di kromosom 6, nyandi protéin panyodor-antigén dina beungeut sél jeung fungsi-fungsi lianna. Gén-gén HLA minangka vérsi manusa gén-gén MHC anu aya di ampir sakabéh vertebrata. Protéin-protéin anu disandi ku gén-gén ieu katelah ogé antigén, dumasar kana asal-usul papanggihanana salaku faktor-faktor dina transplantasi organ. HLA utama téh unsur ésénsial pikeun faktor imun. Kelas anu béda méré fungsi anu béda:
HLA pikeun MHC kelas I (A, B, jeung C) némbongkeun péptida ti jero sél (kaasup péptida ti virus lamun aya). Ieu péptida dihasilkeun tina cernaan protéin di protéasom. Antigén asing ngarangsang sél-T pamaéh (CD8+ atawa sél-T sitotoxik) anu maéhan sél.
HLA pikeun MHC kelas II (DP, DM, DOA, DOB, DQ, jeung DR) nyodorkeun antigén ti luar sél ka limfosit-T. Antigén-antigén ieu ngarangsang ngalobaanana sél T-panulung, anu engkéna bakal ngarangsang sél-B produsén antibodi pikeun ngahasilkeun antibodi anu spésifik. Antigén-diri (self-antigen) diteken ku sél-T suprésor.
HLA pikeun MHC kelas III nyandi komponén sistem komplemén.
HLA boga péran penting dina mérangan sasalad, nolak transplantasi organ, jeung mérangan kangker.[1] Mutasi dina HLA bisa jadi aya patalina jeung sasalad otoimun (conto: diabétes tipe I). HLA ogé dipatalikeun jeung persépsi bau jalma séjén, pamilihan pasangan.[2]