Antioksidan
From Wikipedia, the free encyclopedia
Antioksidan hartina molekul nu bisa ngalaunkeun atawa nyegah oksidasi molekul séjén. Oksidasi téh réaksi kimia anu mindahkeun éléktron ti hiji zat ka oksidan. Réaksi oksidasi bisa ngahasilkeun radikal bébas nu mitambeyan réaksi runtuy nu ngaruksak sél. Antioksidan megatkeun ieu réaksi runtuy ku cara nyingkahkeun zat radikal antara, sarta nginhibisi oksidasi séjén ku cara ngoksidasi manéh. Ku kituna, antioksidan téh biasana mah réduktor sarupaning tiol atawa polifénol.
Sanajan réaksi oksidasi penting pisan pikeun kahirupan, tetep aya kagorénganana. Pikeun ngungkulan kagoréngan ieu, tutuwuhan jeung sasatoan miara sistem kompléks rupa-rupa tipeu antioksidan, kayaning glutation, vitamin C, jeung vitamin E, ogé énzim sarupaning katalase, superoksida dismutase, jeung rupa-rupa peroksidase. Kurangna kadar antioksidan, atawa énzim antioksidanna kacegah, bisa ngabalukarkeun strés oksidatif nu bisa ngaruksak atawa malah maéhan sél.
ku sabab strés oksidatif loba patalina jeung patogenesis kasakit manusa, antioksidan loba ditalungtik dina farmakologi, utamana pikeun natambaan struk jeung kasakit neurodegeneratif. Antioksidan ogé sok ditambahkeun dina katuangan pikeun miara kaséhatan jeung nyegah sarupaning kasakit kangker jeung kasakit jantung koronér. Najan studi-studi nunjukkeun kauntungan pikeun kaséhatan, uji coba klinis teu manggihan kauntungan tina formulasi anu diuji, malah mun kaleuleuwihi mah bisa bahya. Di sagigireun mangpaatna pikeun kaséhatan, antioksidan loba gunana di dunya industri, misalna baé ngawétkeun katuangan jeung kosmétik sarta nyegah dégradasi karét jeung béngsin.