Asia
buana / From Wikipedia, the free encyclopedia
Buana Asia diwatesan ku ngabagi Éropa jeung Afrika tina daratan Afrika-Eurasia nu sakitu legana. Watesna teu pati écés, komo di lebah Asia jeung Éropa mah: Asia jeung Afrika tepung deukeut Terusan Suéz, sedengkeun jeung Éropa aya di sapanjang Dardanéla, Laut Marmara, Bosporus, Laut Hideung, pagunungan Kaukasus, Laut Kaspia, Walungan Ural. Kira 60% ti populasi sadunya aya di Asia. Tempo ogé Eurasia.
Wewengkon Asia ngawengku buana Asia jeung sababaraha pulo sabudeureunana di Samudera Indonésia jeung Pasifik.