Basa Viétnam
From Wikipedia, the free encyclopedia
Basa Viétnam (tiếng Việt, ogé tiếng Việt Nam atawa Việt ngữ), nyaéta basa resmi Viétnam (Việt Nam). Basa Viétnam mangrupa basa indung urang Viétnam (87% ti sakumna nu nyicingan Viétnam) tur leuwih ti 2 yuta imigran Viétnam (loba kapanggih di Amérika Sarikat). Salian éta, basa ieu ogé mangrupa basa kadua pikeun sélér minoritas di Viétnam.
Fakta Singget tiếng Việt, Palapalan ...
Basa Vietnam | ||
---|---|---|
tiếng Việt | ||
Palapalan | [tǐəŋ vìəˀt] (Kalér) [tǐəŋ jìək] (Kidul) | |
Dipaké di | Vietnam | |
Wewengkon | Asia Kidul Wétan | |
Jumlah panyatur | 70-73 yuta panyatur indung (kaasup 3 yuta panyatur di luar nagara) total 80+ yuta | |
Réngking | 13–17 (panyatur indung); padeukeut jeung Korea, Telugu, Marathi tur Tamil | |
Rungkun basa | Austro-Asiatik
| |
Aksara | Latin (Abjad Basa Viétnam) Braille Basa Viétnam Chữ Nôm (saméméhna) | |
Status resmi | ||
Basa resmi di | Vietnam
Citakan:Country data ASEAN[1] | |
Basa minoritas di | Céko | |
Diatur ku | Teu diatur kalawan resmi | |
Kode-kode basa | ||
ISO 639-1 | vi | |
ISO 639-2 | vie | |
ISO 639-3 | vie | |
Tutup
Najan mibanda loba kekecapan serepan ti basa Tionghoa tur mimitina ditulis maké aksara Tionghoa, ahli basa nganggap basa Viétnam kaasup kana rungkun basa Austroasia.
Kiwari, basa Viétnam mindeng ditulis maké aksara Latin.