Gada
From Wikipedia, the free encyclopedia
Gada téh pakarang mintul, sajinis gegendir atawa panakol anu dibeungbeuratan bagéan tungtung luhurna, tujuanna hsangkan ngahasilkeun teunggeulan anu bedas. Gada biasana dijieun tina watang kai nu teuas jeung beurat, atawa dijieun tina logam, umumna mah mun dijieun tina kai gé sok dilapisan ku logam. Lebah pependulna aya nu dijieun tina batu, tambaga, parunggu, beusi, atawa waja.
Dina pependul gada militér mah sok ditambahan cucuk atawa garigi disakurilingeun pependulna, maksudna pikeun ngahasilkeun dorongan nu leuwih bedas nalika diteunggeulekun kana taméng. Panjang gada euweuh standarna. Gada tentara infantri biasana pondok pisan. Mun gada kavaléri mah leuwih panjang lantaran supaya bisa ngaraih leuwih jauh waktu neunggeul bari tumpak kuda.
Kiwari gada jarang dipaké pikeun patempuran nu saenyana, ngan di sajumlah wewengkon jeung lembaga-lembaga masih kénéh miara tradisi adat sarta tumuluy midangkeun simbul gada minangka lambangna.