Kloropil
From Wikipedia, the free encyclopedia
Kloropil mangrupa pigmén potosintétik héjo nu aya dina tutuwuhan, algae, jeung sianobaktéri. Ngaran ieu diturunkeun tina basa Yunani kuna: kloros (héjo) jeung fillon = daun. Kloropil paling kuat nyerep bagian bulao jeung beureum tina spéktrum éléktromagnétik, sedengkeun nu héjo mah teu pati kaserep. Ku sabab kitu daun némbongan dina kelir héjo.