Korélasi
From Wikipedia, the free encyclopedia
Dina tiori probabiliti jeung statistik, korelasi, disebut ogé koefisien korelasi, nyaéta ukuran numerik ngeunaan kuatna hubungan linier antara dua variabel acak. Dina pamakéan statistik nu ilahar, korelas atawa ko-relasi nujul kana pakaitna dua variabel bebéas. Dina hal nu leuwih lega, aya sababaraha koefisien, ukuran tingkat pakait nu dicokot tina data alam atawa data asli.
- Artikel ieu ngeunaan koefisien korelasi antara dua variable acak. Watesan korelasi bisa ogé hartina korelasi silang dua fungsi.
gedéna béda korelasi dipaké keur kaayaan nu béda. Nu panghadéna nyaéta korefisien korelasi produk-momen Pearson, nu ditangtukeun ku cara ngabagi kovarian dua variabel ku hasil kali simpangan bakuna. Korelasi mimiti diwanohkeun ku Francis Galton.