Liver
From Wikipedia, the free encyclopedia
Liver panyakit hate atawa panyakit liver nyaéta panyakit anu disebabkeun ku sababaraha faktor, saperti virus jeung pamakéan alkohol nu katutuluyan. Obesitas ogé bisa pakait jeung karusakan organ ati. Ati nyaéta organ anu paling loba gawena nu aya di jero awak. ukuranna sagedé bola nu aya di handap tulang rusuk dibelah katuhu beuteung. Ati beratna kira-kira 1,25 kg. Ati penting pikeun nyerna kadaharan, pikeun awak urang meunang leupas tina zat toksik sarta nyimpen énérgi pikeun awak sangkan digunakeun lamun diperlukeun.