Poliurétan
From Wikipedia, the free encyclopedia
Poliurétan (polyurethanes, singketan: PUR) anu diwangun ku poliisosianat plastik atawa résin sintétik dihasilkeun tina réaksi poliadisi dina dialkohol (diol), atawa poliol. Ciri anu mandiri ieu poliurétan nyaéta grup urétan (\ mathrm {{-} {NH - CO} {-} {O -} \}).
Diol jeung diisosianat ngabalukarkeun poliurétan linéar, poliuretan dibeungkeut ku ngaréaksikeun umpamana triisosianat campuran diisosianat jeung poliol. Hasil tina ieu réaksi nyaéta hiji substansi anu bisa waé mangrupa térmosét, térmoplastik atawa élastomér. Dina budah/busa poliurétan mah, pangaruhna kana naha ieu busa téh heuras atawa jadi leuleus. Sanajan kitu, poliurétan ogé dipaké minangka komposisi bahan anu engkana dijieun ngagunakeun citakan/molding (résin casting)/(résin isosianat), saperti benang (tékstil) elastik, poliurétan cair dipaké elém poliurétan.