Radikal (kimia)
From Wikipedia, the free encyclopedia
Dina kimia, radikal (katelahna radikal bébas) hartina spésiés atom atawa molekul anu boga éléktron nyorangan (teu boga pasangan) dina konfigurasi kulit valénsina. Éléktron anu nyorangan ieu biasana réaktif pisan, sahingga radikal condong aub kana réaksi. Radikal boga peran penting dina durukan, kimia atmosfir, polimérisasi, kimia plasma, biokimia, jeung prosés-prosés kimia lianna, kaasup fisiologi manusa. Pikeun conto, superoksida jeung oksida nitrat ngatur rupa-rupa prosés biologis. Radikal bisa dikurung dina solvent cage atawa dibeungkeut. Radikal organik anu munggaran, radikal trifénilmétil, kapanggih ku Moses Gomberg taun 1900 di Universitas Michigan.
Sacara historis, istilah radikal ogé dipaké pikeun bagian hiji molekul, utamana anu henteu robah dina réaksina. Pikeun conto, métanol disebut diwangun ku hiji radikal métil jeung hiji radikal hidroksil, padahal masing-masing éta téh ngahiji, teu boga éléktron nu nyorangan. Dina spéktrométri massa, radikal modél kitu kakara aya mun 'dibeulah' heula.