Tangkorak
From Wikipedia, the free encyclopedia
Tangkorak atawa tangkorék mangrupa wangun tulang nu ngabentuk hulu dina lolobana sato nu guna utamana pikeun ngabentuk beungeut jeung mungkus uteuk. Sato nu boga tangkorak disebutna Craniata. Tangkorak diwangun ku dua bagian: cranium jeung mandible atawa rahang handap. Tangkorak nu geus euweuh rahang handapan disebutna cranium.
Ngabungkus uteuk téh ukur salah sahiji guna tangkorak. Jarak antarpanon nu penting pikeun sawangan stéréoskopik ogé ditangtukeun ku tangkorak. Kitu ogé perenah ceuli nu penting dina pangiraan arah jeung jarak sora, ditangtukeun ku tangkorak. Di sababaraha sato, tangkorak ogé boga guna salaku taméng (misalna domba nu perlu kakuatan tangkorak pikeun nunjang tandukna.