Adan
From Wikipedia, the free encyclopedia
Adan nyaéta uaran pangajak solat: Saban waktu anu lima, sok dipaké ogé dina kasempetan séjén contona dina sabot aya hujan angin.[1] Adan mangrupa béja datangna waktu solat pikeun umat Islam ka jalma réa atawa ogé panggero umat Islam pikeun ngalakukeun ibadah solat, hususna solat wajib lima kali sapoé sapeuting, kalayan bacaan anu geus ditetepkeun. Sacara basa adan hartina (béja atawa geroan) Aya sawatara pamadegan ngeunaan saréat adan. Pamadegan anu pangkuatna nuturkeun adan téh mimiti disyaréatkan di Madinah dina mangsa mimiti Nabi Muhammad SAW. Nabi SAW musawarah ngeunaan cara ngabéjaan umat Islam yén pikeun solat geus waktuna. Isukna Abdullah bin Zaid (sobat Nabi) nyaritakeun ka Nabi Muhammad SAW ngeunaan lafal adan ti ngimpina. Nabi SAW nuturkrun yén ngimpi Abdullah éta bener, tuluy ménta Bilal bin Rabbah pikeun uar adan. Sabot Bilal rék adan datang Umar bin Khattab (khalifah) yén manéhna ogé ngimpi nu sarua.[2]