Daptar nagara kalawan pangakuan kawates
From Wikipedia, the free encyclopedia
Daptar nagara kalawan pangakuan kawates méré hiji gambaran ngeunaan éntitas géopolitik ayeuna, nu hayang diakuan minangka nagara daulat dina hukum internasional tapi heunteu atawa tacan miboga pangakuan diplomatik dunya sacara pinuh.
Éntitas kawas kieu umumna kabagi kana dua kategori. Kahiji, éntitas nu miboga pangawasaan pinuh atawa sabagian kana wewengkon nu diklaimna nu maréntah sorangan ku cara de facto jeung geus nyebutkeun hiji kahayangan pikeun merdéka pinuh. Kadua, éntitas nu teu boga pangawasaan pinuh kana wewengkon nu diklaimna, tapi diakuan miboga klaim de jure kana wewengkonna ku saeutikna hiji nagara lian nu diakuan sacara luas. Sababaraha nagara dina daptar ieu, kawas Siprus jeung Républik Koréa, diakuan ku mayoritas nagara-nagara lian jeung mangrupa anggota Sarikat Bangsa-Bangsa, tapi diasupkeun kana daptar ieu sabab sababaraha nagara lian ngabatalkeun pangakuanna.
Tempo daptar historis nagara nu heunteu diakuan pikeun éntitas kawas kieu nu aya dina jaman baheula. Tempo daptar pamaréntahan dina pangasingan pikeun pamaréntahan nu teu diakuan jeung teu miboga pangawasaan kana wewengkon nu diklaimna.
Aya 192 nagara anggota Pasarikatan Bangsa-Bangsa (PBB). Tahta Suci diakuan daulat dumasar kana hukum internasional, tapi heunteu minangka anggota Pasarikatan (miboga status minangka nagara panénjo).[1]