Gapura
From Wikipedia, the free encyclopedia
Gapura tina basa sangsakerta mah hartina témbok tohaga jeung luhur nu ditangtungkeun di kénca katuhueun lawang ka pakarangan candi, pura, bénténg, karaton di jaman baheula.[1] Nu pang kawentarna di Eropa ngan di tengah kota Paris Perancis nu ngarana Gapura Kajayaan, lambang unggul dina perang dunya kahiji jeung sakalian jadi tutunggul makam pahlawan nu teu dikenal ngarana.[1] Gapura ogé sok dihartikeun panto gerbang.[1] Panto nu sarupa sarigsig nu ngahalangan lawang imah, maksudna sangkan budak leutik teu bisa kaluar sorangan, karuhun Sunda tara gagabah dina saucap-ucapna saur, nu matak nu disebut dianggap imah nu dicicingan ku budak téh karaton sangkan budak hirupna senang jeung mulya saperti raja.[1] Gapura mangrupa jinis wangunan anu dipaké pikeun méré tanda wates wilayah sakaligus panto gerbang boh monumen boh prasasti.[2]