Luncat jauh
From Wikipedia, the free encyclopedia
Luncat jauh nyaéta salah sahiji bentuk gerakan luncat, ngangkat suku ka luhur jeung ka hareup dina usaha pikeun mawa titik beurat awak sing lila dina posisi ngalayang anu dipigawé gancang sarta ngadorong kaluar dina tolakan suku pikeun ngahontal jarak pangjauhna. Tujuan tina luncat jauh nyaéta pikeun meunang luncatan sajauh mungkin. Perhatian khusus kana masalah téknis tétéla mangpaat pikeun atlit salila kompetisi. Faktor anu mangaruhan luncat jauh maksimum nyaéta panjang suku, kakuatan otot suku, laju luncat waktu mawa awalan, tolakan atawa take off, postur awak keur ngalayang jeung turun. Salian ti éta, atlét ogé kudu mibanda kakuatan, daya kakuatan awak anu maksimal, laju, akurasi, kalenturan, kelincahan jeung koordinasi gerakan, ogé kudu paham jeung ngawasa téhnik-téhnik pikeun ngalakukeun gerakan luncat jauh, sarta bisa ngalakukeunana sacara gancang, tepat, fléksibel jeung lancar.[1]