A
From Wikipedia, the free encyclopedia
A nyaéta hurup anu kahiji dina Alfabét Latin. Dina basa Inggris, hurup ieu dibaca [eɪː]; wangun lobana aes.[1] Hurup ieu asalna téh tina hurup Yunani, Α (alfa), sarta mindeng dipaké minangka lambang vokal hareup kabuka teu buleud. A ogé mindeng dipaké minangka ngaindikasikeun hiji hal anu boga harti "mimiti" atawa "pangalusna".
Kaca ieu boga artikel ngeunaan hurup A dina alfabét Latin. Pikeun pamakéan séjénna, tempo A (disambiguasi).