Balap motor Grand Prix
From Wikipedia, the free encyclopedia
Kajuaraan dunya balap motor Grand Prix mimiti diayakeun ku Fédération Internationale de Motocyclisme (FIM) taun 1949.[1] Harita sacara tradisional geus dilaksanakeun sababaraha balapan di masing-masing acara pikeun sagala rupa kelas motor, dumasar kapasitas mesin, sarta kelas pikeun sidecars (motor gandéngan nu ditapelkeun digigir).[1] Kelas-kelas nu aya harita nyaéta 50 cc, 125 cc, 250 cc, 350 cc, sarta 500 cc pikeun motor nu ditumpakan ku sorangan, sarta 350 cc jeung 500 cc pikeun motor sidecars.[1] Taun 1950-an sarta sapanjang taun 1960-an, motor mesin 4 Tak pinunjul di sakuliah kelas.[1] Dina panungtungan taun 1960-an, motor mesin 2 mimiti pinunjul di kelas-kelas leutik.[1] Dina taun 1970-an motor mesin 2 Tak bener-bener nyingkahkeun mesin-mesin 4 Tak.[1] Dina taun 1979, Honda ngusahakeun mesin 4 Tak di kelas utama kalayan nurunkeun motor NR500, tapi proyék ieu gagal, sarta dina taun 1983 Honda ngahontal kameunangan kalayan motor 500 cc 2 Tak.[1] Dina taun 1983, kelas 350 cc pamustunganna dieureunkeun.[1] Kelas 50 cc diganti ku kelas 80 cc dina taun 1984, antukna kelas nu mindeng didominasi ku purah balap ti Spanyol jeung Italia dieureunkeun taun 1990.[1] Kelas sidecars ogé dieureunkeun tina kajuaraan dunya taun 1990-an, nu aya tinggal kelas 125 cc, 250 cc, sarta kelas 500 cc.[1]
Logo resmi MotoGP | |
Kategori | Balap motor |
---|---|
Wewengkon | Internasional |
Usum munggaran | 1949 |
Ramatloka | www |
Kajuaraan Dunya MotoGP | |
Konstruktor | Aprilia, Ducati, Honda, KTM, Suzuki, Yamaha |
Gilinding | Michelin |
Juara | 2016 Marc Márquez |
Jawara konstruktor | Honda |
Usum ayeuna | |
Kajuaraan Dunya Moto2 | |
Konstruktor | Kalex, Suter, Speed Up, Tech 3, KTM |
Gilinding | Dunlop |
Juara | 2016 Johann Zarco |
Jawara konstruktor | Kalex |
Usum ayeuna | |
Kajuaraan Dunya Moto3 | |
Konstruktor | KTM, Mahindra, Honda, Peugeot |
Gilinding | Dunlop |
Juara | 2016 Brad Binder |
Jawara konstruktor | KTM |
Usum ayeuna | |