Diego Maradona
From Wikipedia, the free encyclopedia
Diégo Armando Maradona, (lahir, 30 Oktober 1960 - 25 Nopémber 2020), pangsiunan pamaén bal profésional Argéntina. Dianggap minangka pamaén bola panghébatna sapanjang mangsa. Manéhna téh salah sahiji tina dua pinunjul réréongan panghargaan Pamaén FIFA Abad 20.[5][6] Visi, operan, kontrol bal jeung kamampuan dribbling Maradona, dikombinasikan jeung awakna nu pendek (1,65 m at. 5 kaki 5 inc), nu matak énteng, ngaalatankeun manéhna usik leuwih hadé manan réa pamaén séjénna; manéhna mindeng nga-dribble ngaliwatan sababaraha pamaén lawan bari lumpat. Kahadiranna jeung kapamingpinanna di lapangan méré épék anu gedé pikeun pintonan timna sacara umum. Ku bakatna nu calakan, Maradona dilandi "El Pibe de Oro" ("The Golden Boy"), hiji ngaran nu némpél ka dirina salila karirna.[7]
Informasi pribados | |||||||||
---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|
Nami lengkep | Diego Armando Maradona | ||||||||
Lahir | 30 Oktober 1960 | ||||||||
Tempat lahir | Lanús, Buenos Aires, Argentina | ||||||||
Pupus | 25 Nopémber 2020 (yuswa 60) | ||||||||
Tempat pupus | Tigre, Buenos Aires, Argentina | ||||||||
Luhur | 1.65 m | ||||||||
Posisi |
Attacking midfielder Second striker[1][2][3][4] | ||||||||
Informasi klub | |||||||||
Klub ayeuna | N/A | ||||||||
Karir sénior* | |||||||||
Taun | Tim | Midang | (Gol) | ||||||
1976–1981 | Argentinos Juniors | 167 | (116) | ||||||
1981–1982 | Boca Juniors | 40 | (28) | ||||||
1982–1984 | Barcelona | 36 | (22) | ||||||
1984–1991 | Napoli | 188 | (81) | ||||||
1992–1993 | Sevilla | 26 | (5) | ||||||
1993–1994 | Newell's Old Boys | 5 | (0) | ||||||
1995–1997 | Boca Juniors | 30 | (7) | ||||||
Total | 491 | (259) | |||||||
Tim nasional | |||||||||
1977–1979 | Argentina U20 | 24 | (13) | ||||||
1977–1994 | Argentina | 91 | (34) | ||||||
Kapalatihan | |||||||||
1994 | Mandiyú de Corrientes | ||||||||
1995 | Racing Club | ||||||||
2008–2010 | Argentina | ||||||||
2011–2012 | Al Wasl | ||||||||
2013–2017 | Deportivo Riestra (assistant) | ||||||||
2017–2018 | Fujairah | ||||||||
2018 | Dynamo Brest (chairman) | ||||||||
2018–2019 | Dorados de Sinaloa | ||||||||
Honours
Citakan:MedalCitakan:MedalSport
| |||||||||
|
Saurang playmaker hareup nu maké nomer posisi klasik 10, Maradona mangrupa pamaén kahiji dina sajarah ménbal nu mecahkeun rékor bayaran transfer dua kali, mimiti basa pindah ka Barcelona pikeun rékor dunia £5 juta, nu kaduana, basa pindah ka Napoli ku rékor séjénna £6,9 juta.[8] Salila karir klubna, Maradona maén pikeun Argentinos Juniors, Boca Juniors, Barcelona, Napoli, Sevilla jeung Newell's Old Boys, sarta sosohorna mah mangsa di Napoli jeung Barcelona basa meunangkeun sajumlah panghargaan.
Dina karir internasionalna bareng Argéntina, manéhna geus ngahasilkeun 91 caps jeung nyitak 35 gul. Maradona maén di 4 Piala Dunia FIFA, kaasup Piala Dunia 1986 di Méksiko di mana manéhna ngapténan Argéntina jeung mingpin timna meunang ngalawan Jérman Barat di final, sarta meunangkeun Bal Emas minangka pamaén turnamén panghadéna. Di parapat final Piala Dunia 1986, manéhna nyitak dua-duana gul basa meunang 2-1 ngalawan Inggris nu asup kana sajarah ménbal ku dua alésan nu béda. Gul kahiji nyaéta ngalanggar maké leungeun nu lolos tina hukuman nu katelah si "Tangan Tuhan", sarta gul kadua ngagiring bal sapanjang 60 m (66 yd) ngaliwatan lima pamaén Inggris, kapilih minangka "Gul abad Ieu" ku pamilih FIFA.com di taun 2002.[9]
Maradona jadi palaith Argéntina di bulan Nopémber 2008. Ngajabat di Piala Dunia 2010 di Afrika Selatan méméh eureun di akhir turnamén. Manéhna ngalatih klub Al Wasl Dubai di Pro Liga UEA pikeun musim 2011-12. Taun 2017, Maradona jadi palatih Fujairah semet ka tungtung musim.[10] Méi 2018, Maradona jadi pupuhu anyar klub Belarusia, Dynamo Brest.[11] Manéhna datang ka Brest jeung mimiti ditugaskeun ku klubna di bulan Juli. Ti Séptémber 2018 nepi ka Juni 2019, Maradona jadi palatih klub Méksiko, Dorados.[12]