Garut
From Wikipedia, the free encyclopedia
Garut (Maranta arundinacea) nyaéta pepelakan taunan gedé ti genus Maranta nu habitat asalna di leuweung hujan di Asia Tenggara jeung Afrika Kidul jeung Wétan. Tangkal garut pituin tu Amérika, kiwari loba dipelak di India kulon.[1] Tangkal garut bisa hirup kalawan subur di daérah anu haneut, sarta cukup usum hujanna 1500-2000 mm dina sataun.[1] Dipelakeun di daérah anu palebahna tempatna aya dina 1000 mdpl (luhureun beungeut cai laut).[1] Sanajan kitu, tangkal garut bisa hirup jeroning tempatna kahieuman atawa kurang katojo ku panonpoé. Di sababaraha daérah tangkal garut dipelak tumpang sari jeung tangkal coklat anu umurna 6 taun atawa geus jangkung.
Fakta Singget Klasifikasi ilmiah, Ngaran binomial ...
Garut | |
---|---|
Klasifikasi ilmiah | |
Karajaan: | |
Subkingdom: | Tracheobionta |
Divisi: | |
Kelas: | |
Subkelas: | Zingiberidae |
Ordo: | |
Kulawarga: | Marantaceae |
Génus: | Maranta |
Spésiés: | M. arundinacea |
Ngaran binomial | |
Maranta arundinacea | |
Tutup
- Pikeun kagunaan séjén, tempo kabupatén Garut.