Gilgamesh
From Wikipedia, the free encyclopedia
Gilgamesh (Aksara Sunda: ᮍᮤᮜ᮪ᮌᮙᮦᮞ᮪ᮂ) nyaéta inohong pahlawan anu pangdipikawanohna dina jaman Mésopotamia kuno.[1] Ieu inohong téh dianggap minangka raja sémi mitos ti Uruk.[2] Sababaraha lalakonna kapanggih dina basa Akkadia, sarta nyaritakeun lalampahan hiji raja anu embung maot.[1] Lalakonna geus diulik jeung dimekarkeun ku para panulis jeung filsuf ti jaman buhun nepi ka kiwari.[2] Tina lalampahanana, katémbong pentingna perhatian manusa kana perkara paéh, néangan élmu pangaweruh, jeung nyingkah tina patempatan jalma réa.[3] Lalakonna aya dina sababaraha vérsi sarta geus kungsi dipaluruh kamekaranana ti waktu-ka waktu.[4]