Ingon-ingon
From Wikipedia, the free encyclopedia
Ingon-ingon atawa sato ingon-ingon (basa Indonésia: ternak, héwan ternak; basa Jawa: rajakaya)[1] nyaéta sato nu sacara ngahaja diingu minangka sumber pangan, sumber bahan baku industri, atawa minangka babantu pagawéan jalma. Usaha ngingu ingon-ingon disebut minangka paternakan (atawa palaukan, pikeun gorombolan sato cai) jeung mangrupa bagéan tina kagiatan patanian sacara umum.