Keramik
From Wikipedia, the free encyclopedia
Keramik/ke·ra·mik/ nyaéta taneuh liat anu dicampur jeung mineral séjén tuluy dibeuleum [1];
Keramik asalna tina Kecap; κεραμικός kecap basa Yunani (keramikos);" karajinan "atawa" pikeun karajinan ",[2] ti κέραμος (keramos),"kotak, karajinan "[3] Kecap "keramik" bisa dipaké salaku kecap sipat pikeun ngagambarkeun hiji bahan, produk atawa prosés, atawa bisa dipaké salaku nomina, naha husus, atawa, leuwih umum, salaku jamak sabagé kecap banda"keramik".[4] barang tembikar (porsélén) Keramik asalna tina kecap keramikos dina basa Inggris nelahna burn stuff (barang-barang anu dibeuleum) nétélakeun di mana sipat-sipat bahan kramik téh kudu ngaliwatan heula dibeuleum ku seuneu anu suhuna panas kacida[5] Keramik ogé mangrupa hiji bahan anu kawilang tahan ku panas, henteu organik, jeung lain logam. Keramik bisa digolongkeun kana dua golongan: keramik tradisional jeung anu dirékayasa. Keramik tradisional kasup di jerona taneuh tela/liat, kaca ''silikat'' jeung semén; ari anu dirékayasa kaasup di jerona ''karbida'' (SiC), ''oksida'' murni (Al2O3), ''nitrida'' (Si3N4), jeung loba deui. Keramik loba onjoyna ti batan nulian. di antarana waé leuwih heuras ti batan waja; leuwuh kuat kupanas ti batan logam ogé henteu karahaan; bahan bakuna loba jeung murah.[6] Bahan keramik kiwari pohara lobana dipaké pikeun kabutuhan sapopoé, mimiti magnét kulkas nepikeun ka kabutuhan industri, dipaké produksi logam aérospace, éléktronik, otomotif jeung sajabana. Di jaman kiwri dipaké ogé pikeun alat ngubaran, katelahna biokeramik anu henteu saeutik mangpaatna. Ieu biokeramik saruan jeung alumina ogé zirkonia, dipaké gaganti tulang dina operasi ortopédi, bisa ogé bahan huntu palsu, jeung sajabana [7]
cara anu penting pikeun mariksa bahan keramik. Sipat keramik fracturing/dipotongkeun]]