Kota Bogor
kota di propinsi Jawa Barat, Indonésia / From Wikipedia, the free encyclopedia
Bogor (resmina: Kota Bogor, baheula: Buitenzorg) nyaéta hiji kota di Propinsi Jawa Kulon di Indonésia. Kota ieu dilingkung ku kabupatén anu ngaranna sarua, Kabupatén Bogor. Kota Bogor lokasina kira-kira 60 kilométer kiduleun ibu kota Indonésia, Jakarta. Bogor kawéntar minangka kota anu penting dina kagiatan ékonomi, élmu pangaweruh, budaya, jeung pariwisata.
- Pikeun kabupatén nu ngaranna sarua, tempo Kabupatén Bogor.
Kota Bogor ᮊᮧᮒ ᮘᮧᮌᮧᮁ | |||
---|---|---|---|
Liané transkripsi | |||
• Basa Walanda | Buitenzorg | ||
| |||
Ngaran jujuluk: | |||
Motto: Basa Sunda: Dinu kiwari ngancik nu bihari seja ayeuna sampeureun jaga | |||
Lokasi di Jawa Kulon | |||
Nagara | Indonésia | ||
Régional | Jawa | ||
Propinsi | Jawa Kulon | ||
Sajarah Karésidénan | Karésidénan Buitenzorg | ||
Netep | 3 Juni 1482 | ||
Konsolidasi | 1 April 1905 (salaku Gemeente Buitenzorg) | ||
Pamaréntahan | |||
• Badan | Pamaréntah Daérah Kota Bogor | ||
• Walikota | Bima Arya Sugiarto | ||
• Wakil Walikota | Dedie A. Rachim | ||
Lega | |||
• Total | 118,5 km2 (45,8 sq mi) | ||
Luhurna | 265 m (869 ft) | ||
Pangeusi (2021) | |||
• Total | 1,075,457 | ||
• Kapadetan | 9,076/km2 (23,510/sq mi) | ||
Démonim |
| ||
Démografi | |||
• Grup étnis |
| ||
• Ageman[1] |
| ||
Zona wanci | UTC+7 (Indonésia Bagéan Kulon) | ||
Kode pos | 16100 - 16169 | ||
Kode aréa | (+62) 251 | ||
Régistrasi tutumpakan | F | ||
IPM | 0.761 | ||
Kacamatan panggedéna ku aréa | Kacamatan Bogor Kulon – 32.85 square kilometres (12.68 sq mi) | ||
Kacamatan panggedéna dumasar populasi | Kacamatan Bogor Kulon (233,637 – 2020) | ||
Ramatloka | www |
Dina jaman patengahan, Bogor mangrupa ibu kota Karajaan Sunda kalawan ngaran Pakuan. Dina jaman panjajahan Walanda, Bogor nelah minangka Buitenzorg nu mangrupa padumukan pelesiran Gubernur Jéndral Hindia Walanda. Bogor mangrupa puseur administratif Hindia Walanda nalika dikawasaan ku Britania Raya dina awal abad ka-19.
Legana 118,5 km²[2], jeung jumlah pangeusina 950.334 jiwa (2010)[3]. Bogor kasohor ku landihan minangka kota hujan, sabab curah hujan di Bogor mémang kacida gedéna. Kota Bogor kawengku ku 6 kacamatan, nu dibagi deui jadi 31 kalurahan jeung 37 désa.
Poé jadi Kabupatén Bogor jeung Kota Bogor dirayakeun unggal 3 Juni, sabab kaping 3 Juni 1482 mangrupa poé pangistrénan Prabu Siliwangi minangka Raja Karajaan Sunda Pajajaran.