Purgatorium
From Wikipedia, the free encyclopedia
Dina téologi Karésten, jeung ogé dina téologi Katolik, Purgatorium (Basa Inggris: Purgatory)[lower-alpha 1] nyaéta hiji kaayaan antara atawa pindahna sanggeus paéhna jasmani anu bisa ngaliwatanna téh maranéhna anu ditangtukeun ka Sawarga "ngalampahan pamurnian, sangkan mikacumpon kakudusan anu diperlukeun pikeun asup kana kagumiraan sawarga".[2] Ngan jelema anu tilar dunya dina kaayaan rahmat, namung can ngalampahan hukuman samentara balukar dosa-dosa maranéhna, anu bakal nyampak dina Purgatorium, nu matak euweuh saurang-urang acan dina Purgatorium anu bakal aya salilana dina kaayaan kawas kitu atawa pon indit ka naraka. Asal mula konsép ieu geus mibanda akar-akar ti baheula.
Gagasan ngeunaan Purgatorium ilaharna dipatalikeun jeung Garéja Katolik Ritus Latin (di Garéja Katolik Wétan, gagasan ieu mangrupa hiji doktrin, sanajan biasana mah teu disebut "Purgatorium", tatapi disebut "pamurnian pamungkas" atawa "theosis pamungkas"); kalangan Anglikan kalawan tradisi Anglo-Katolik ogé ilaharna nyekelan kayakinan ieu. Garéja Ortodoks Wétan mikayakin kamungkinan ayana hiji parobahan situasi pikeun jiwa-jiwa ti jelema anu geus tilar dunya ngaliwatan du'a-du'a anu didaraskeun ku jelema anu harirup kénéh di alam dunya jeung kurban pasembahan dina Liturgi Ilahi, salian ti éta, loba kalangan Ortodoks, hususna kalangan askétik, miharep jeung ngadu'a pikeun hiji apokatastasis umum.[3] Yudaismeu ogé percaya kana kamungkinan ayana pamurnian sanggeus paéh jeung malahan mungkin waé ngagunakeun kecap "purgatorium" pikeun ngarépréséntasikeun pamahaman maranéhna ngeunaan ma'na Gehenna.[4] Rék kumaha waé gé, konsep ngeunaan "pamurnian" jiwa kamungkinan ditolak kalawan éksplisit dina tradisi-tradisi kaimanan anu séjénna.
Kecap Purgatorium digunakeun ogé pikeun ngarujuk kana sawatara konsépsi historis jeung modéren ngeunaan kanalangsaan sanggeus paéhna fisik saméméh hukuman abadi,[5] jeung dipaké, dina wangenan non-spésifik, kalawan harti unggal tempat atawa kondisi dina kanalangsaan atawa siksaan, utamana anu sipatna samentara.[6]