Surat
From Wikipedia, the free encyclopedia
Surat nyaéta alat komunikasi anu ngagunakeun basa, sangkan informasi atawa warta bisa katarima ku nu maca.[1] Ti jaman baheula nepi ka ayeuna jalma teu bisa leupas tina kapentingan jeung jalma lian boh nu aya di sabudeureunana, boh nu aya di jauhna.[1] Ngaliwatan surat, sagala béwara, pernyatan, katerangan, pamérédih, laporan, jeung pamondah bisa gampang kaharti maksudna.jaman baheula mah wangun surat kacida basajanna, boh cara nulisna, boh cara ngirimkeunana.[1] Sok sanajan ayeuna alat komunikasi geus sakitu majuna saluyu jeung kamajuan téknologi, peranan surat angger dipikabutuh.[1]