Yerusalem
From Wikipedia, the free encyclopedia
Yerusalem (basa Ibrani: ירושלים Yerushalayim, basa Arab: أورشليم القدس Urshalim-al-quds atawa ngan القدس Al-quds waé nyaéta dayeuh di Wétan Tengah anu mangrupa dayeuh suci pikeun ageman Islam, Kristen sarta Yahudi. Dayeuh ieu diklaim minangka ibukota Israél, sanajan henteu diaku sacara internasional, atawa bagian ti Paléstina. Sacara de facto dayeuh ieu dikawasa ku Israél. Para élit Israél nganggap dayeuh suci ieu téh bagian ti nagarana sarta éta téh wangun idéologi "Zionisme".Ti kabéh nagara anu ngabogaan hubungan diplomatik kalawan Israél, ngan Kosta Rika sarta El Salvador waé anu nempatkeun kedutaan maranéhanana di Yerusalem. Séjénna di Tel Aviv, alatan nurutkeun PBB, Yerusalem baris dijadikeun Dayeuh Internasional. Ku jalma-jalma Paléstina, Yerusalem ogé dianggap minangka puseur dayeuh Paléstina. Dayeuh historis Yerusalem nyaéta hiji warisan dunya anu ditangtayungan ku UNESCO mimiti taun1981. Dayeuh ieu ngabogaan nu nyicingan sagedé 724.000 jiwa sarta lega 123 km2.
Artikel ieu salasahiji tina séri Islam |
Istilah-istilah Islam |
Rukun Islam |
Sahadat |
Solat – Saum |
Zakat – Haji |
Kota Penting |
Mekah – Madinah |
Yerusalem – Kufah |
Kajadian |
Hijrah – Kalénder Islam – Idul Fitri |
Idul Adha – Maulid |
Wangunan |
Masjid – Munara |
Mihrob – Ka'bah |
Arsitéktur Islam |
Rujukan Ajaran |
Qur'an – Hadits – Sunnah |
Fiqih – Fatwa – Syari'ah |
Madhab |
Hanafi, Hambali, Maliki, Syafi'i |